Carpon diri sorangan

 Agustus taun kamari, abdi ngiring lomba tujuh belasan di lembur abdi. Énjing-enjing kénéh abdi tos gugah. Saatos ngalaksanakeun shalat subuh abdi ogé teras ibak jeung emam. Sakitar jam 07.00 abdi kaluar ti bumi, sabab tos seueur réréncangan nu tos ngadagoan di payunen bumi.


Abdi sareng réréncangan ogé teras ngiring ngabantosan ngarapihkeun tempat lombana sareng nyiap-nyiapkeun paralatan lomba, teu hilap tidinya sakalian abdi bari ngadaftarkeun jadi peserta lomba ogé. Sabenerna abdi téh hoyong janten peserta anu kahiji, tapi tos jadi peserta nu ka tilu sareng kabagian ngiring dua perlombaan didinya.


Basa lombana tos dimimitian, ahirna abdi dicalukan ogé. Perlombaan nu ka hiji nya éta ngaemam kurupuk, ku sabab abdi tadina émang emamna kirang wareg di bumi, jadi abdi ngaemam kurupukna tiasa gancang kapisan, dugi ka ahirna abdi lebet ka final sareng menangkeun juara ka hiji.


Nah, dina perlombaan nu kadua, singhoréng téh geuningan lomba anu kirang ku abdi reseup nya éta lomba mindahkeun belut dina baskom. Ku sabab abdi isin sareng sieun ongkoh ngiring lomba mindahkeun belut éta, abdi kungsi nyumput dihandapeun méja basa di calukan ku panitia.


Basa rék nyumput geuning tos kanyahoan ku réréncangan téh, sareng abdi dipaksa kedah ngiring baé ceunah bari disurakan. Ku lantaran sieun isin jadina hoyong teu hoyong abdi ngiringan ogé éta lomba téh, tos tiasa ditebak mereun abdi menang henteuna? Nya abdi ogé teu menang juara ngiringan lomba mindahkeun belut éta mah.


Sanaos abdi teu menang juara, komo menangkeun jadi juara kahiji mah, tapi abdi tetep reseup pisan ti dinya, sabab ngarana lomba ogé pasti aya anu menang sareng éléhna. Ku kituna abdi tetep tiasa imut lamun tiasa ngiringan lomba 17 agustusan téh di lembur abdi.

Komentar