Agustus taun kamari, abdi ngiring lomba tujuh belasan di lembur abdi. Énjing-enjing kénéh abdi tos gugah. Saatos ngalaksanakeun shalat subuh abdi ogé teras ibak jeung emam. Sakitar jam 07.00 abdi kaluar ti bumi, sabab tos seueur réréncangan nu tos ngadagoan di payunen bumi. Abdi sareng réréncangan ogé teras ngiring ngabantosan ngarapihkeun tempat lombana sareng nyiap-nyiapkeun paralatan lomba, teu hilap tidinya sakalian abdi bari ngadaftarkeun jadi peserta lomba ogé. Sabenerna abdi téh hoyong janten peserta anu kahiji, tapi tos jadi peserta nu ka tilu sareng kabagian ngiring dua perlombaan didinya. Basa lombana tos dimimitian, ahirna abdi dicalukan ogé. Perlombaan nu ka hiji nya éta ngaemam kurupuk, ku sabab abdi tadina émang emamna kirang wareg di bumi, jadi abdi ngaemam kurupukna tiasa gancang kapisan, dugi ka ahirna abdi lebet ka final sareng menangkeun juara ka hiji. Nah, dina perlombaan nu kadua, singhoréng téh geuningan lomba anu kirang ku abdi reseup nya éta lomba mindahkeu...